Jiga Rugi Padahal Untung

Pikeun jalma nu matok perkara kahirupan ku ukuran dunyawi hungkul, bakal loba pasualan hirup nu bakal ngaregedan usahana, nepi ka rasa ngedul jeung hoream
mineng ngawujud jadi hahalang.

Usum panen bisa jadi waktu nu ditungguan baris mere rasa kabungah. Tapi teu saeutik dina hiji waktu mah usum panen teh ngadon jadi mangsa nu pinuh ku rasa hanjelu tur kuciwa. Pare nu dipelak ngadon hapa, beak ku hama manuk jeung beurit. Sampeu jeung jagong di kebon ngadon ledeg beak diidek begu. Tanaga nu dibual katayoh euweuh gunana. Duit nu dipake modal karasa ledis, jinis teu mulang. Cape hirup nu dilakonan mang bulan-bulan teh karasa pisan euweuh jang buruhna. Nepi ka hatena ngocoblak ku gerentes, “Mun teu ras ku butuh mah, cadu ngaduakalian tani deui!” pokna.

Beda halna jeung jalma iman, nu sagala usahana lain saukur diukur ku hasil dunya hungkul, tapi oge didasaran ku kaimanan. Gawena lain diniatan ku saukur rek babanda, tapi hayang nedunan parentah, hayang ibadah. Nalika hasil teu saigel jeung harepan, tangtu sikep nyanghareupan kaayaan model kitu teh moal ujug hanjelu tur kuciwa, sabab dirina boga keneh ceungceuman harepan. Kaimanan dina dirina mere angkeuhan hasil nu leuwih punjul alah batan saguruntul harta banda dunya.

Komo deui saparantos dikuatan ku pang jejer ti gusti rasul anu mulya, yen tatanen jalma muslim mah nyatana hasil mucekil teh lain saukur pas panen hasilna bencing wae, tapi nalika ku hama nepi ka hapa, aya nu maok nepi ka beak, eta oge hakikatna mah jadi kauntungan pikeun dirina.

Dawuhan Rasulullah Shallallahu ‘alaihi wa sallam:
مَا مِنْ مُسْلِمٍ يَغْرِسُ غَرْسًا إِلَّا كَانَ مَا أُكِلَ مِنْهُ لَهُ صَدَقَةٌ وَمَا سُرِقَ مِنْهُ لَهُ صَدَقَةٌ وَمَا أَكَلَ السَّبُعُ مِنْهُ فَهُوَ لَهُ صَدَقَةٌ وَمَا أَكَلَتْ الطَّيْرُ فَهُوَ لَهُ صَدَقَةٌ وَلَا يَرْزَؤُهُ أَحَدٌ إِلَّا كَانَ لَهُ صَدَقَةٌ
"Teu aya saurang muslim nu tatanen, kajaba tina satiap pepelakan nu didaharna aya niley sedekah pikeun dirina, nu dipaok ku batur jadi sedekah oge pikeun dirina, nu dihakan ku sato liar jadi sedekah pikeun dirina, tina nu dihakan manuk ngajadi sedekah pikeun dirina. Sarta teu aya salah-saurang nyokot tina tatanenna eta, kajaba barang nu dicokot eta baris jadi sedekah piekun dirina." (HR. Muslim ti shahabat Jabir radhiyallahu ‘anhu)

Jaminan ti Rasulullah ieu mibanda wejangan ka urang sarerea rehna nalika usaha nu dilakonan make dadasar niat seja ibadah, guruntul hasil mangrupa harta nu dipimilik di alam dunya mah ulah jadi patokan utama. Tapi tempo mah geus sabaraha loba jalma di sabudeureun urang, sato di satukangeun urang, nu bisa ngarasakeun ni’matna hasil tina tanaga, usaha, jeung jerih payah nu dikaluarkeun ku urang. Najan manuk telihna ngagenol, beurit hirupna ngalintuhan, lain ku cara ngahaja diparaban jeung disuguhan ku urang, tapi di payuneun Allah Subhanahu wa ta’ala mah eta sadayana tetep baris diitung jadi amal. Baris disajajarkeun jeung sodakoh nu berniley ibadah.

Pikeun saurang muslim, teu aya sakeclak kesang nu teu dihargaan. Teu aya sa guruntul modal jeung ikhtiar nu teu meunang ganjaran. Usaha nu karna Allah, moal pernah nepi ka teu dipalire jeung disapirakeun ku Allah. Estu Allah ta’ala salawasna mencrong tur perhatian ka urang.
Wallahu a’lam. ***

SHARE ON:

Penulis berusaha menulis di blog ini untuk berbagi pengalaman, wawasan, serta pemikiran yang dipandang layak untuk disebar luaskan. Aktivitas sehari-hari penulis aktif sebagai tenaga pengajar piket pada salah satu lembaga pesantren di Kab. Bandung, serta aktif sebagai anggota Komunitas Penulis Islam

    Blogger Comment

0 comments:

Posting Komentar

Renungan
Ada Konsekuensi logis yang berlaku di setiap permasalahan yang kita ambil. Orang yang sadar akan makna konsekuensi, tindakannya tidak akan lepas dari kontrol pertimbangan yang matang. Setidaknya, tindakannya tidak berakhir dengan penyesalan.
Komentar saudara yang sarat dengan nilai, akan menjadi sumbangan berharga bagi penulis dan pembaca lainnya.