Cai nu Jadi Panyuci Diri (bag.1)

Sakapeung mah pikiran sorangan sok hayang ulubiung mauran perkara nu lain hakna. Nepika nu sakuduna jempe jeung ta’at hungkul ge make dilalawuhan ku pameunteun jeung pamadegan pribadi. Antukna, lain bebeneran nu disorang, tapi ngalantur jiga jelema ngalindur.

Perkara suci tangtu beda jeung beresih. Pasucian nyangkut jeung persoalan niley-niley mutlak nu diwengku ku papagon dieniyah (kaagamaan) sahingga tolok ukurna kedah ngangge ukuran ti Allah sareng Rosul-Na. Manusa palebah dieu teu bisa ngurus, ngareka-reka, atawa nyawang-nyawang.

Akal manusa mibanda watesan kamampuan, sarta niley hasilna oge nisbi. Pasualan beresih wae, nu diukur ku ukuran panileyan jalma mah sifatna relative. Warna bodas sakapeungmah sok direndengkeun jeung sifat bersih. Tapi nalika barang nu bodas eta napel kana baju atawa calana hideung, bisa jadi nu bodasteh disebutna kokotor. Kitu deui kebul nu narapel teh ceuk urang mah pan kokotor, sahingga sok diberesihkeun tina parabotan. Tapi numutkeun Allah mah justru kebul eta bisa jadi panyuci diri dina nalika tayamum.

Nalika jalma aya dina kaayaan beresih, beres mandi jeung kukumbah, kaberesihan nana eta can ngajamin suci lamun mah awakna geus milampah hadas tuluy can ngalakukeun susuci.

Dina cutatan sajarah Indonesia, Soekarno pernah diprotes bebeakan ku M. Natsir —murid A. Hassan ti Persatuan Islam, lantaran Soekarno salah merenahkeun posisi antara beresih jeung suci.

Dina anggapan Soekarno, ayana parentah wadah cai nu diletakan caina ku anjing kudu dikumbah tujuh kali (nu kahjina ku taneuh) teh lantaran zaman Rasulullah mah cenah can aya alat nu bisa ngabasmi kuman (samisal gasolin). Pikeun urang nu hirup di zaman modern mah, ceuk pikiran Soekarno, teu perlu make kudu dikumbah nepi ka tujuh kali, cukup sakali make gasolin, wadah eta bersih. Kitu ceuk Soekarno kalayan pinuh rasa bangga gumbira.

Tapi saur pak Natsir teu bisa kitu. Pasualan ayana parentah ngumbah nepi ka dibejer beaskeun tatacarana ku Rasulullah teh lantaran di dinya aya sifat ubudiyah (ibadah). Mun ceuk Soekarno hal eta pakuat-pakait jeung urusan beresih hungkul, saur pak Natsir mah justru di dinya lain saukur persoalan beresih, tapi kumaha carana ngasucikeun wadah nu ceuk agama geus ka najisan. Sahingga, lamun tea mah di jaman modern ieu wadah nu dikumbah hayang suci jeung beresih, lain hartina bisa cukup make anti bakteri, tapi kudu oge make pituduh rasul.

Cai kaasup kana salah-sahiji alat nu bisa nyucikeun diri nu geus teu suci. Kasauran hadits; Alma-u thahurun laa yunajjisuhu syai-un. Dina hukum asalna, cai teh beresih, taya nu bisa ngarobah jadi najis.

Usaha ngalakukeun susuci bakal gumantung kana hadas nu dipiboga. Hadas leutik nu dilantarankeun ku hitut, kahampangan, jeung kabeuratan, nyucikeun nana cekap ku ngabasuh sabagian tina anggota awak ku cara wudlu nu dicontokeun. Tapi lamun hadas nu dipiboga teh lantaran milampah jima, kaluar getih hed, atawa nifas (saba’da lahiran), susuci nu disyari’atkeun teh kudu ngabasuh sakujur awak, ti luhur sausap rambut nepi ka handak sausap dampal. Saur kolot baheula mah kudu adus (mandi janabat).

Ngusahakeun awak nu geus teu suci sangkan balik deui suci, teu aya cara iwalti kudu ngalakukeun tata cara nu ku Allah katut Rasul-Na diparentahkeun. .. ***

SHARE ON:

Penulis berusaha menulis di blog ini untuk berbagi pengalaman, wawasan, serta pemikiran yang dipandang layak untuk disebar luaskan. Aktivitas sehari-hari penulis aktif sebagai tenaga pengajar piket pada salah satu lembaga pesantren di Kab. Bandung, serta aktif sebagai anggota Komunitas Penulis Islam

    Blogger Comment

0 comments:

Posting Komentar

Renungan
Ada Konsekuensi logis yang berlaku di setiap permasalahan yang kita ambil. Orang yang sadar akan makna konsekuensi, tindakannya tidak akan lepas dari kontrol pertimbangan yang matang. Setidaknya, tindakannya tidak berakhir dengan penyesalan.
Komentar saudara yang sarat dengan nilai, akan menjadi sumbangan berharga bagi penulis dan pembaca lainnya.